BATU
Rendy B. Junior
Balé Désa
Sukaramé, angin ngahiliwir, motor lalar-lilir lalaunan dina jalanna nu can
diaspal, tina taneuh jeung batu kénéh. Di balé, keur diayakeun musyawarah
antara kapala désa jeung warga. Ngamusyawarahkeun duit anu disumbangkeun ku
pamaréntah ka Désa Sukaramé.
“Assalamu’alaikum wr.wb. Ayeuna urang saréréa ngariung didieu pikeun mutuskeun badé dikumahakeun sumbangan 100 juta ti pamaréntah. Saur Pa Camat, saéna mah ieu sumbangan téh dianggé pikeun ngabangun ieu désa. Masalahna, naon nu rék dibangun kuurang? Aya nu badé ngaluarkeun pamadegan?”, Pa Kadés muka musayawarah.
Pa Dudin sumanget langsung ngacung.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang ngabangun mesjid deui?”
“Maenya mesjid deui, apan karak kamari ngabangun mesjid téh?”, ceuk Pa Tono rada sinis.
“Muhun Pa Dudi, leres saur Pa Tono. Saéna mah ieu sumbangan urang anggé kanggo keperluan anu penting pisan”, saur Pa Kadés.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang lereskeun pasar wé atuh, renovasi...”, saur Hj. Enok, juragan jengkol Pasar Sukaramé.
“Ah, éta mah ngeunah teuing didinya, nu boga jongko. Pa Kadés, kumaha lamun urang ratakeun jalan désa, tos teu aya bentukan jalan teh, ngagarinjul batu wungkul, matak paur ka nu nyandak motor. Jeung deuih batu-batu na paur ngabetrik ka nu lalar-lilir di jalan. Mun tiasa mah di cor”, ceuk Mang Ujang.
“Saé tah Kang Ujang, kumaha nu sanés? Satuju teu?”
“Satuju...”, ceuk warga nu séjén babarengan.
Singget carita, dina éta musyawarah kénéh, dibentuk hiji tim proyék pikeun ngaratakeun jalan désa. Anggota éta tim nyaéta Mang Asép, Mang Dudi, jeung Mang Suha. Tiluan éta téh katelah tukang bangunan nu pangjagona di Désa Sukaramé.
Isukna, éta tim ngayakeun survei lapangan, pikeun ngadata naon waé nu diperlukeun jang éta proyék.
“Sok, ayeuna mah urang ukur heula jalanna, supados gampil ngitung bahanna”, ceuk Mang Asép.
Der éta jalan diukur maké méteran nu sok aya di tukang jait.
Saméter... Dua méter... Tilu méter...
.......
Selanjutnya dapat didownload disini
Edit by Ariq M. Zulfikar
Mugiya aya mangpaatna (Semoga ada Manfaatnya) -MZ-
No comments:
Post a Comment